Selasa, 11 Agustus 2009

Jampe harupat

Jampé-jampé harupat, geura gedé geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking, ngarah salamet ahérat
Jampé-jampé harupat, geura gedé geura lumpat
Susah senang omat sholat anaking, beunghar kadé poho zakat

Jampé-jampé harupat, geura gedé geura lumpat
Pék dudunya satakerna, lir ibarat hidep didunya rék hirup saumur dunya
Jampé-jampé harupat, geura gedé geura lumpat
Prak ibadah satakerna, lir ibarat hidep didunya rék cacap engké sareupna

Dodoja datang tong kalut, sanghareupan maké élmu
Ulah rék aral subaha anaking, sing percaya kanu Kawasa
Maha Welas Maha Asih, moal aya pilih kasih
Sagala nu karanapan ku hidep, tangtuna bongan sorangan
Ti bapa ieu pépéling, ngarah hidep hirup salawasna éling
Henteu beurang henteu peuting, hidep kudu sholeh satungtung nyaring

(Doel Sumbang)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Arsip Blog